Selasa, 07 April 2015

Karangan Sunda - UMROH KA TANAH SUCI - Narasi - by NUNING








Salah sahiji tugas ujian praktek Bahasa Sunda, ngadamel karangan narasi.
Nami pangarang : NUNING NURKHOLIFAH 
Asal Sakola : MTs Margaharja


UMROH KA TANAH SUCI

Dina taun 2014 tepatna di bulan Maret, Alhamdulillah abdi sareng mamah dipasihan izin sareng rizki ku Allah SWT kanggo angkat ka tanah suci Makkah ngalaksanakeun umroh. Sateuacan angkat, abdi sareng mamah ngalaksanakeun heula pelepasan di bumi sareng kulawargi oge rerencangan. Tos kitu, langsung angkat ka Tasikmalaya kempel sareng nu sanesna anu sami bade angkat umroh. Ti Tasikmalaya angkat tabuh 09.30, dugi ka bandara Soekarno Hatta Jakarta teh waktos subuhan, teras sadaya rombongan sarolat subuh.

Kusabab take off na tabuh 14.00, lami keneh, abdi sareng mamah jalan-jalan heula ka taman nu aya di bandara Soekarno Hatta. Teu karaos tos tabuh dua beurang, teras we sadaya rombongan teh tos aya pesawat terbangna mah lalebet kana pesawat. Salami di pesawat abdi nonton acara anu aya di payuneun korsi sareng bobo. Teu karaos pesawat tos bade landing dugi di bandara Abdul Aziz, Jeddah. Tos beres ngurus paspor di kantor imigrasi, abdi sareng sadaya rombongan teras angkat ka hotel di Makkah.

Dugi ka hotel teh pas waktos subuh, teras we angkat ka Masjidil Harom kanggo solat subuh sareng ngalaksanakeun umroh anu wajib. Subhanallah, pas dugi di lebet ningali Ka’bah, abdi nangis. Abdi teras ngalaksanakeun rangkaian umroh, tos rengse abdi uih ka hotel.

Dina dinten kadua, sadaya rombongan jalan-jalan di sekitar kota Makkah supaya terang kaayaan di ditu. Teu karaos abdi di Makkah tos 5 dinten. Dina dinten terakhir di Makkah saatos solat isya abdi sareng mamah pasrah, abdi nekad hoyong solat di Hijir Ismail, Alhamdulillah tiasa, abdi sujud sabari nangis. Alhamdulillah abdi dipasihan kasalametan sanajan pas nuju sujud panangan katincak. Tos kaluar ti Hijir Ismail, abdi nagkeup mamah, suasanana mani haru.

Enjing-enjing, abdi sareng rombongan ninggalkeun kota Makkah nuju ka kota Madinah. Di Madinah abdi ngalaksanakeun rangaian ibadah, teras pami nuju aya waktos senggang, abdi sareng mamah jalan-jalan di kota Madinah. Dina dinten ka 10, abdi sareng rombongan angkat ka Jabal Magnet, subhanallah di tempat ieu ternyata uhun aya gravitasi bumi anu ageung. Dina dinten terakhir di kota Madinah, abdi sareng mamah angkat ka makam Nabi Muhammad SAW kanggo ngadugikeun salam terahir.

Alhamdulillah rangkaian ibadah abdi di kota Makkah sareng Madinah rengse. Abdi tos kedah uih ka tanah air Indonesia. Angkat ti bandara Madinah tabuh 08.30 waktos Madinah, dugi ka bandara Soekarno Hatta tabuh 07.00 WIB. Teras we naek bus kanggo uih ka Tasikmalaya. Di Tasikmalaya abdi sareng mamah dipapagkeun ku aa sareng kulawargi.

Teu bosen-bosenna abdi ngucapkeun Alhamdulillah kusabab tos tiasa dugi deui ka kampung halaman kalayan salamet.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar