Panitia PPDB SMA Informatika Ciamis Tahun Pelajaran 2015/2016 dengan bangga membuka Program Rekrutmen Siswa Potensial (RSP) bagi siswa SMP/MTs untuk mendapatkan potongan biaya dana sumbangan pendidikan (DSP) hingga 100%.
Pendaftaran akhir gelombang kedua, sampai hari Sabtu tanggal 9 Mei 2015. Pelaksanaan tes dan wawancara pada hari Minggu tanggal 10 Mei 2015 pukul 08.00 WIB.
Pilihan materi seleksi:
Wawancara (wajib bagi seluruh calon peserta)
1. Pengetahuan Agama Islam : Baca Tulis Al-Qur'an
2. Pengetahuan Umum : Soal pilihan ganda
3. Pengetahuan Komputer : Praktek MS Office
4. Kategori Khusus : Bukti Prestasi
Sekretariat Pendaftaran: SMA Infoematika Ciamis Jl. Bojonghuni No.9 Maleber - Ciamis, Telp (0265)772029. Buka hari Senin s.d. Sabtu pukul 07.00 s.d. 14.00 WIB.
SMA INFORMATIKA CIAMIS
Kami adalah sebuah kesempatan, kami adalah sebuah peluang, dan kami adalah sebuah jawaban. Come Join Us ..... SMA Informatika Ciamis.
Jumat, 17 April 2015
Selasa, 07 April 2015
Karangan Sunda - UMROH KA TANAH SUCI - Narasi - by NUNING
Salah sahiji tugas ujian praktek Bahasa Sunda, ngadamel karangan narasi.
Nami pangarang : NUNING NURKHOLIFAH
Asal Sakola : MTs Margaharja
UMROH KA TANAH SUCI
Dina taun 2014 tepatna di bulan
Maret, Alhamdulillah abdi sareng mamah dipasihan izin sareng rizki ku Allah
SWT kanggo angkat ka tanah suci Makkah ngalaksanakeun umroh. Sateuacan angkat,
abdi sareng mamah ngalaksanakeun heula pelepasan di bumi sareng kulawargi oge
rerencangan. Tos kitu, langsung angkat ka Tasikmalaya kempel sareng nu sanesna
anu sami bade angkat umroh. Ti Tasikmalaya angkat tabuh 09.30, dugi ka bandara
Soekarno Hatta Jakarta teh waktos subuhan, teras sadaya rombongan sarolat
subuh.
Kusabab take off na tabuh 14.00,
lami keneh, abdi sareng mamah jalan-jalan heula ka taman nu aya di bandara
Soekarno Hatta. Teu karaos tos tabuh dua beurang, teras we sadaya rombongan teh
tos aya pesawat terbangna mah lalebet kana pesawat. Salami di pesawat abdi
nonton acara anu aya di payuneun korsi sareng bobo. Teu karaos pesawat tos bade
landing dugi di bandara Abdul Aziz, Jeddah. Tos beres ngurus paspor di kantor
imigrasi, abdi sareng sadaya rombongan teras angkat ka hotel di Makkah.
Dugi ka hotel teh pas waktos
subuh, teras we angkat ka Masjidil Harom kanggo solat subuh sareng
ngalaksanakeun umroh anu wajib. Subhanallah, pas dugi di lebet ningali Ka’bah,
abdi nangis. Abdi teras ngalaksanakeun rangkaian umroh, tos rengse abdi uih ka
hotel.
Dina dinten kadua, sadaya
rombongan jalan-jalan di sekitar kota Makkah supaya terang kaayaan di ditu. Teu
karaos abdi di Makkah tos 5 dinten. Dina dinten terakhir di Makkah saatos solat
isya abdi sareng mamah pasrah, abdi nekad hoyong solat di Hijir Ismail, Alhamdulillah
tiasa, abdi sujud sabari nangis. Alhamdulillah abdi dipasihan kasalametan
sanajan pas nuju sujud panangan katincak. Tos kaluar ti Hijir Ismail, abdi
nagkeup mamah, suasanana mani haru.
Enjing-enjing, abdi sareng
rombongan ninggalkeun kota Makkah nuju ka kota Madinah. Di Madinah abdi
ngalaksanakeun rangaian ibadah, teras pami nuju aya waktos senggang, abdi
sareng mamah jalan-jalan di kota Madinah. Dina dinten ka 10, abdi sareng
rombongan angkat ka Jabal Magnet, subhanallah di tempat ieu ternyata uhun aya
gravitasi bumi anu ageung. Dina dinten terakhir di kota Madinah, abdi sareng
mamah angkat ka makam Nabi Muhammad SAW kanggo ngadugikeun salam terahir.
Alhamdulillah rangkaian ibadah
abdi di kota Makkah sareng Madinah rengse. Abdi tos kedah uih ka tanah air
Indonesia. Angkat ti bandara Madinah tabuh 08.30 waktos Madinah, dugi ka
bandara Soekarno Hatta tabuh 07.00 WIB. Teras we naek bus kanggo uih ka
Tasikmalaya. Di Tasikmalaya abdi sareng mamah dipapagkeun ku aa sareng
kulawargi.
Langganan:
Postingan (Atom)