MULANG TARIMA
(Maskumambang)
Hé barudak kudu mikir ti leuleutik,
manéh kahutangan,
ku kolot ti barang lahir,
tepi ka ayeuna pisan.
Anu ngurus matak hésé matak pusing,
sumawon rugina,
ngan kolot anu gumati,
ngaméménan salawasna.
Maranéh
téh kudu baé boga pikir,
keur
mulang tarima,
ka
kolot rék males asih,
di
mana geus cumarita.
Mun maranéh salawasna caang pikir,
hayang tumarima,
ka kolot tuhu babakti,
tangtu manggih
kasenangan.
Contoh lagu pupuh maskumambang dalam bentuk MP3 dapat didownload di http://www.4shared.com/mp3/G7F1nQQE/pupuh_maskumambang.html
Tidak ada komentar:
Posting Komentar