Assalamu’alaikum Wr. Wb.
Bapa miwah Ibu anu ku sim kuring dipihormat.
Puji sinareng sukur kasanggakeun ka Allah SWT, anu parantos maparin kaséhatan sareng kakiatan ka urang sadaya. Ku ni’mat ti manten-Na pisan, dina danget ieu urang tiasa patepung lawung paamprok jonghok di ieu tempat, dina raraga ngakséni upacara Paturay Tineung.
Bapa miwah Ibu hormateun sim kuring.
Hapunten anu kasuhun. Sim kuring ngadeg di ieu tempat sanés tiasa cumarios. Ieu mah wiréh dijurung-jurung ku réréncangan kelas salapan, hoyong cumarios ngedalkeun kereteg angen.
Asa teu karaos pisan. Waktos téh éstuning asa sajorélat. Asa kamari kénéh sim kuring saparakanca munggaran lebet ka ieu sakola, ayeuna tos kedah paturay deui. Sim kuring saparakanca kedah miang deui neraskeun sakola, ngahontal harepan sareng cita-cita.
Kantenan baé salami tilu taun di ajar di ieu sakola, seueur pisan anu bakal janten panineungan. Di dieu, di sakola urang anu genah pikabetaheun, sim kuring saparakanca diajar néangan élmu. Ruang-riung boh di kelas boh dina rupa-rupa kagiatan bari sakapeung sempal guyon gogonjakan sareng réréncangan. Tangtos baé éta sadayana bakal janten kenangan nu moal kahihilapkeun. Atuh kasaéan Bapa kalih Ibu Guru sadayana, élmu pangaweruhna anu parantos didugikeun ka sim kuring saparakanca, tangtos bakal nyerep dina angen, janten obor nu nyaangan jalan sorangeun. Kalayan diaping dididik ku Ibu Bapa Guru pisan sim kuring saparakanca gaduh élmu nu mangpaat. Dituduhkeun nu saé sareng nu awon, nu leres sareng nu lepat, nu poék sareng nu caang.
Teu aya anu tiasa kapisanggem, iwal ti hatur nuhun kana pirang-pirang kasaéan Ibu kalih Bapa Guru sadayana. Sim kuring saparakanca teu tiasa males éta kasaéan, anging ngedalkeun du'a, pamugi rupining élmu anu parantos dipaparinkeun, kénging ganjaran nu ageung mangtikel-tikel ti Gusti Nu Maha Suci. Amin.
Atuh salami sim kuring saparakanca diajar di ieu sakola, kantenan baé seueur pisan kalepatan. Seueur pisan sikep sareng paripolah nu sakapeung matak rungsing ngajéngkélkeun. Jalaran kitu, ngawakilan réréncangan sadayana, dina danget ieu sim kuring nyuhunkeun dihapunten tina samudaya kalepatan sareng kaluluputan.
Pamungkas, sim kuring saparakanca nyuhunkeun pidu'a ti Bapa kalih Ibu Guru sadayana, pamugi sadaya alumni nu lulus taun ieu tiasa neraskeun sakola. Lungsur-langsar teu aya halangan-harungan, nyukcruk élmu di tingkat nu langkung luhur.
Ka Cidaun mawa menyan,
balikna rék mawa kisa.
Tilu taun sasarengan,
ayeuna urang papisah.
Meuli hurang ti Ciparay,
rék dibeuleum di Cicadas.
Upami urang paturay,
bakal nineung matak waas.
Hadirin nu dipihormat !.
Rupina sakitu nu kapihatur. Hapunten bilih aya basa sareng tatakrama anu kirang merenah. Bobo sapanon carang sapakan. Langkung saur bahé carék hapunten anu kasuhun.
Wassalamu'alaikum Wr. Wb.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar