Sekolah : MTs Margaharja
Dalam Rangka : Ujian Bahasa Sunda
PIKNIK KA GUNUNG TANGKUBAN PARAHU
Basa poé minggu tanggal 25 Juni 2015 abdi sareng ua
abdi piknik ka Tangkuban Parahu anu tempatna di Bandung Jawa Barat. Abdi mangkatna
tabuh 5 subuh. Ka dituna abdi naék mobil ua. Di jalan abdi ningali pemandangan
nu aya di palih sisi-sisi jalan raya. Mani kacida saéna éta pemandangan téh. Di
palihan Gentong abdi sareng sakulawargi lirén heula di tempat tuang (rumah
makan), abdi ditraktir ku ua abdi. Saentos tuang abdi sareng kulawargi
neraskeun perjalanan.
Basa di palih Bandung, ua abdi hampir nyasab da
salah jalan ku lantaran nembé ka palih Tangkuban Parahu. Di jalan ua abdi
nanaroskeun ka unggal jalmi, naroskeun ka mana jalan nu bade ka Tangkuban
Parahu. Saentos naroskeun, abdi sakulawargi neraskeun perjalanan, jalanna téh
da mani nanjak pisan jaba pungka-péngkol, mani palaur abdi mah ningalna ogé.
Kira-kira tos satengah perjalanan anu nanjak
kacida, abdi dugi di tempat karcis anu bade lebet ka gunung Tangkuban Parahu. Ua
abdi mésér tiket heula kanggo lebetna sareng mayar karcis mobil. Teu lami
saentos ti tempat karcis, abdi dugi di caket léréng gunung. Mani kacida éndahna
éta pemandangan di gunung téh, jaba mani ramé seueur pengunjung anu ka gunung,
tempatna mani arénakeun sareng angina mani adem. Tapi aya kaambeu bau lahar léréng
gunung anu mani bau tapi teu jadi masalah lantaran kaseling ku pemandangan anu
saé. Di ditu abdi ningali rupi-rupi wayang anu dijual di warung-warung nu aya
di palih dinya. Rupi-rupi barang anu dijual di dinya. Abdi di dinya foto-foto
sareng kulawargi. Kira-kira tos 2 jam-an, abdi sareng kulawargi marulang.
Di jalan nu bade uih, abdi ngarasa sono pisan pédah
atos piknik ti gunung Tangkuban Parahu. Kira-kira jam 1 siang, abdi tos dugi di
palih kota Bandung bari ningali pemandangan nu éndah. Di palih Nagrég, abdi
sareng kulawargi mésér oléh-oléh kanggo candakkeun ka lembur, oléh-oléh sabangsa
dodol, peuyeum, moci, jeung nu séjénna. Saentos mésér oléh-oléh, abdi neraskeun
perjalanan. Kira-kira abdi dugi di bumi tabuh 7 wengi. Saentos di bumi, abdi
bobo lantaran capé. Abdi moal poho kana pengalaman ieu.